Alhamdulillah dina taun ieu 1440H, Rundayan Eyang Adjasan Prawiradisastra bade ngayakeun Halal bi Halal Rundayan dinten Sabtu kaping 22 Juni 2019.
Ketua Acara Halal Bi Halal Rundayan taun 1440H, kang Bai (Achmad Djunaedi) ngabewarakeun yen halal bi halal Rundayan Eyang Adjasan Prawirasistra bade dilaksanakeun dinten Sabtu, 22 Juni 2019 di Tasikmalaya. Weh na tempat na ge parantos di prungkeun di Warung Kang Asstro (Asep Stroberi), Situ Gede, Kelurahan Mangkubumi Kota Tasikmalaya
Ari EO (event organizer) na mah, alo Nani (Nani Yusnani), nyaurkeun yen acarana parantos disiapkeun. Aya lantunan ayat suci Al Quran, saritilawah sareng tauziah. Tempatna lega, aya tempat kanggo barudak lalumpatan. Tur mah anu resep nyanyi, disayagikeun organ tunggal.
Ririungan ieu baris dibuka ku kang Bai (Achmad Djunaedi) salaku katua panitia HBH, diteraskeun ku aa Yarie (Yarie Hendarman) salaku pupuhu Rundayan Eyang Adjasan Prawiradisastra. Alhamdulillah, alo Dindin (Dindin M Hardiman) anu ngadosenan di Universitas Galuh, tiasa masihan tauziah dina raraga riungan ieu.
Ari anu bade moto teh parantos siap nyaeta alo Tita (Tita Sri Puspitasari) sareng alo Yogi (Yogi Yogaswara). Anu dijepret saurna poto masing-masing kulawargi kanggo ebook Rundayan Eyang Adjasan Prawiradisastra.
Rencanana ebook Rundayan Eyang Adjasan Prawiradisastra bade dikempelkeun sareng di-compile ku alo Harfi (Harfi Wijaya). Dugi ka ayeuna parantos aya kana 402 jalmi anu rengse dikempelkeun. Hayu atuh urang mutahirkeun data-data anu aya. Softcopy ebook Rundayan Eyang Adjasan Prawiradisastra bade dibagikeun dina lebaran haji 1440H.
Lokasi Warung Kang Astro (Asep Stroberi) teh tiasa ditingali di https://goo.gl/maps/CzwE7qvcASTktiWj7, teu tebih di Situ Gede. Caket perumahan Andalusia. Langkung sae lebet na ti Perumahan Andalusia.

Tempatna di Warung Kang Asstro, Situ Gede, Mangkubumi, Tasikmalaya. Langkung sae lebet na ti Perumahan Andalusia (Andalusia Garden).






