Perkawis Rundayan

Eyang Adjasan Prawiradisastra
Eyang Adjasan Prawiradisastra

Yeuh Eyang sakali deui rek amanat, kahade ulah poho jeung sing getol ibadah sarta sing getol shalat.

Sabada ngahaturkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, sareng salam rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, sim kuring bade nyobi-nyobi ngaguar sarsilah kulawarga jembar Eyang Adjasan Prawiradisastra.  Namung rupina mung sabagean bae atanapi diantawisna bae, moal tiasa lengkep pisan dina enggoning ngahimpun sareng nyusun asal-usulna, lalakonna, turunannana, sareng silsilahna.  Wireh mung dumasar kana dongeng anu didongenkeun deui, carita nu dicaritakeun deui, tina catetan nu dicatet deui sanes tina sumberna langsung ti Eyang Adjasan.

Maklum sepuh kapungkur tara seuer saur masalah risalah sareng silsilah anjeuna pribadi atanapi ngantunkeun catetatan-catetatan nu otentik atanapi naskah-naskah riwayat anjeunana sama sakali teu aya pisan. Kumargi kitu enggoning sim kuring ngotektak sajarah karuhun saumumna sareng khususna nyatetkeun sarsilah sareng silsilah kulawarga jembar Eyang Adjasan.

Langkung ti payun sim kuring bade amit-amit heula ka karuhun bilih lepat nyeratkeunnana, leupat salang surupna, leupat nyebat asmana, nyabit namina, sareng bilih sim kuring dina enggoning nyukcrut galuring karuhun, mapay sarsilah baraya aya subayanya sareng lepat dina kanyataannana, sakali deui hapunten anu kasuhun.

Ka para putra miwah ka kulawarga jembar Eyang Adjasan sadayana, disuhunkeun ridho galihna supados tiasa masihan catetan, fatwa, riwayat, sarsilah sareng silsilahna nu saleresna kangge ngalengkepan sareng nyarungsum ieu naskah sarsilah sareng silsilah kulawarga jembar Eyang Adjasan supados leres pisan nyerakeunnana.  Manawi tos aya catetannana, supados tiasa diemail ka sim kuring, Andjar Firmansjah di andjar@firmansjah.id atanapi di andjarf@gmail.com.

Diantos. Hatur nuhun.

Andjar Firmansjah
andjar@firmansjah.id
andjarf@gmail.com

Protected: Adjasan Prawiradisastra

This content is password protected. To view it please enter your password below: